2 Babad 22
Iwal ti Ahasia, nu panganomna, putra-putra Raja Yehoram kabeh dipaehan ku rampog bangsa Arab tea. Ahasia ku urang Yerusalem tuluy dijenengkeun raja ngagentos ramana.
Ahasia mimiti jadi raja dina yuswa dua puluh dua taun, ngarajaanana sataun, calikna di Yerusalem. Lampahna cara lampah ahli-ahli Ahab, da ku ibuna diwulang kana kagorengan. Ibuna teh Atalya putra Raja Ahab, putu Raja Omri, raja Israil.
(22:2)
Jadi lampahna teh doraka ka PANGERAN. Heug sanggeus ramana pupus, juru-juru nasehatna teh ti ahli-ahli Ahab, anu nasehat-nasehatna ngalantarankeun anjeunna cilaka.
Tumut ka juru-juru nasehatna tea anjeunna mantuan Raja Yoram raja Israil, merangan Raja Hasael ti Siria. Musuh jeung lawan campuhna di Ramot bilangan Gilad. Dina eta perang Yoram tatu ku musuhna,
tuluy gura-giru mulih ka Yisrel seja nambaan tatuna. Ku Ahasia dilayad.
Angkatna Ahasia ka ditu ku PANGERAN dianggo jalan kana picilakaeunana. Di dituna anjeunna jeung Yoram kaluar nepangan Yehu putu Nimsi, anu ku PANGERAN keur dipiwarang numpes turunan Ahab.
Sajeroning keur nerapkeun eta hukuman, Yehu pendak jeung rombongan kapala-kapala urang Yuda jeung para kapiputra Ahasia anu nganteur Ahasia ngalayad ka Yoram. Eta oge ku Yehu dipaehan kabeh.
Ahasia anu geus kabur jeung nyumput di Samaria diteangan. Sanggeus kapanggih tuluy diserenkeun ka Yehu, seug ditelasan. Tapi layon anjeunna mah dipendem, tina ngajenan ka eyangna, Raja Yosapat, anu keur jumenengna geus sateka-teka ngajalankeun ibadah ka PANGERAN. Kulawarga Ahasia kabeh tumpes, jadi teu aya anu jadi raja.
Barang Atalya, ibuna Raja Ahasia, uninga yen putrana aya anu maehan, geuwat marentah maehan sakabeh kulawargi raja Yuda.
Tapi aya saurang putra Ahasia anu salamet, nya eta Yoas. Barang putra-putra raja teh geus rek ditumpes, Yoas kaburu dipaling ku Yoseba, kapisaderek Ahasia, istri Imam Yoyada, dibawa nyumput ka hiji kamar di Bait Allah, saterusna ku Yoseba diasuh di dinya. Yoas henteu milu katumpes ku Atalya sabab kaburu disumputkeun.
Disumputkeunana nepi ka genep taun. Ari Atalya geus jumeneng ratu.